Skip to content Skip to sidebar Skip to footer

Soal Ujian Sekolah/ US Bahasa Sunda SMP / MTs

Assalamu'alaikum Wr. Wb. Selamat datang di blog kumpulansoaltest.blogspot.com Pada kesempatan kali ini akan kami bagikan contoh latihan Soal US / Ujian Sekolah SMP / MTs Kelas 9 Mapel Bahasa Sunda

Cuplikan Soal  US Bahasa Sunda - SMP :



Baca cutatan dongeng ieu di handap, tuluy jawab pananya ti nomer 1 nepi ka nomer 6!



Kampung Pulo



                Kampung Pulo nyaeta ngaran hiji kampung atawa tempat nu aya di desa Cangkuang, kecamatan Leles kabupaten Garut. Disebut kampung Pulo ku sabab eta kampung teh deukeut ka situ, nepi ka ayeuna nelah Situ Cangkuang. Malah di tempat eta oge aya candi, nyaeta Candi Cangkuang.

                Masarakat kampung Pulo teh ngagem agama Islam. Tokoh nu mimiti nyebarkeun agama Islam nyaeta Arif Muhammad. Asalna mah utusan ti Mataram anu meunang pancen ti Subhan Ageung pikeun nyerang VOC di Batavia dina abad ke-17. Ku sabab gagal, waktu mulangna deui kalah betah di eta kampung.



1.          Kampung Pulo ayana di daerah ....

a.       Bandung

b.       Tasikmalaya

c.        Sumedang

d.        Garut



2.          Kampung Pulo mimiti aya dina abad ka ....

a.       15

b.       16

c.        17

d.       18



3.          Di kampung Pulo aya nelah situ ....

a.       Bagendit

b.        Cangkuang

c.        Karamat

d.       Pulo



4.          Sanajan aya candi, masarakat kampung Pulo ngagem agama ....

a.        Islam

b.       Budha

c.        Hindu

d.       Kristen



5.          Mulih ..., Bu ?

Kecap anu merenah pikeun ngalengkepan kalimah di luhur nyaeta ....

a.        ti mana

b.       ka mana

c.        ka dinya

d.       ti dinya



6.          “Nabil diuk ... korsi.”

Kecap pangantet pikeun ngalengkepan kalimah di luhur nyaeta ....

a.       ka

b.        dina

c.        tina

d.       di luhureun



Titenan paguneman ieu di handap, tuluy jawab pananyana ti nomer 7 nepi ka nomer 10!



Yuni        : Nin, bade angkat ka mana ? Mani rurusuhan kitu ?

Nina       : Bade ka sakola Yun, kasiangan puguh Nina teh, kedahna mah tabuh 8.00 tos kempel di sakola

Yuni        : Har, na aya kagiatan naon di sakolah teh Nin ?

Nina       : Ih, teu acan terang nya ? Pan sakola urang teh bade ngiring rampak sekar di Bandung. Tah

  minangka wawakilna teh nyaeta ti kelas Nina. Naha Yuni teu ngiringan kitu ?

Yuni        : Pami ti kelas Yuni mah ngiringna pasanggiri maca sajak

Nina       : Ke, ari Yuni ayeuna bade ka mana deuih, tos aged ?

Yuni        : Nya sami bade ka sakola oge, pan bade latihan sareng Bu Susi



7.          Topik anu jadi paguneman di luhur teh nyaeta ....

a.        latihan kanggo pasanggiri

b.       ulin ka sakola

c.        latihan drama

d.       rek aya pagelaran wayang

Silakan klik link di bawah untuk men download soal selengkapnya :


Soal Ujian Sekolah US SMP / MTs Mapel Bahasa Sunda 

Catatan : yang tercetak tebal adalah kunci jawaban

Demikianlah contoh Soal US / Ujian Sekolah SMP / MTs Mapel Bahasa Sunda. Semoga Bermanfaat.

1 comment for "Soal Ujian Sekolah/ US Bahasa Sunda SMP / MTs"